Friday, February 18, 2011

Sunda nu Simkuring

Di zaman kapungkur, tangtos atos jadi hal anu lumrah di lingkungan masyarakat Parahyangan nyarios atanapi nyerat ngangge basa Sunda. Mung ayeuna mah siga na mah seueur pisan parobahan tiasa ditinggal ku urang. Masyarakat Parahyangan nyaeta urang Jawa Barat sapertos Bandung, Garut, Bogor, Cianjur, Sukabumi, Tasikmalaya, Kuningan, Majalengka, sabagian Cirebon sareng daerah-daerah di sakitarna. Barudak, remaja oge kolot di wilayah Jawa bagian barat ieu ayeuna tos rada jarang ngagunakeun ieu basa, simkuring salah sahijina, ampun Gustiii. Ieu seseratan dina blog oge teu acan tangtos leres atanapi merenah. Tapi simkuring nyobian wae ngahasilkeun hiji tulisan ngangge bahasa Indung nu tos dikenal puluhan taun ka pengker. Faktor (mungking “paktor” da dina basa Sunda mah cenah teu aya “f”) anu nyebabkeun basa Sunda jarang diangge deui siga na mah seueur pisan, ceuk simkuring aya sababaraha hiji diantawisna:

  1. Kolotna teu ngangge basa sunda. Sumuhun weh, maenya murangkalih bade ngangge basa Sunda ari kolot nu janten murangkalih eta henteu? Mangga weh bayangkeun, pasti eta murangkalih moal tiasa nganjantenkeun eta basa bagian tina kabiasaanna sapopoena. Janten nu kedah disalahkeun mimiti nyate kolot-kolot urang. Sok tah nu tos janten kolot sing saladar atuh lah, sing insyap..damai :)

  2. Pangajaran di sakola nu kirang nenkenkeun yen basa Sunda penting. Nu kadua guru sareng sakola sok sing bebenah atuh, cing tambihan jam pangajaran basa Sunda atanapi kabiasaan ngangge basa Sunda dipayuneun siswa urang. Mungkin kirang gampil ninggali urgensi ngangge basa Sunda di sakola, tapi mun di tilik-tilik, memang basa sunda the...penting kumargi urang hirup di tatar Sunda nu ti baheula oge ngannge basa Sunda. Ceuk dina basa Indonesia mah aya paribasa “Dimana bumi dipijak, disitulah langit dijungjung”. Dina basa Inggris oge aya nur kirang langkung “If you are in Rome, live in Roman way”. Dua paribasa eta maksadna urang kedah nganjungjung sareng ngahormati budaya dimana urang cicing. Salah sahijina ngangunakeu basana. Masih bade berkelit? Hm...mugi-mugi sing nyadar....

  3. Masarakat nu tos kacuci otakna ku budaya luar. Leres pisan ieu mah. Lepat sareng bener, gaya sareng henteu, gaul sareng henteu di lingkungan urang tos kapangaruhan ku budaya luar. Ieu tos matri kuat dina otak-otak masyarakat nu hanjakalna otakna kacuci ku bangsa Barat.. Saha? Moal lepat deui nagara Emang Sam sareng Yahudi lah. Teras lamun aya pertanyaan, “naon pentingna ngangge basa Sunda? Pan ayeuna mah tos zaman modern, cekap ku basa nasional sareng basa Inggris weh?” Tah nu kieu jalmi nu kirang “self belonging” tehh. Maksadna, cing atuh sing gaduh sakedik rasa memiliki atanapi kacintaan kana budaya lokal, lamun sanes urang nya rek saha deui? Mungkin kituh Obama, Rihana, Jaz Z atanapi David Cook nu ngagung-ngagung basa Sunda? Moal-moaaaaaaaaaal pisan, dijamiiiin. Idola-idola eta moal mungkiiiin pisan perduli kana basa urang. Urang teu diragukeun deui terlalu ngaidolakeun budaya-budaya luar nu jelas-jelas ngajarkeun nilai-nilai nu teu leres. Simkuring trang-trangkan nyarios yen budaya nu ti nagara Emang Sam tehh seuseurna mah teu leres. Teu percanten? Sesah memang nerangkeunna na. Pokona mah, didinya kedah nyobian heula lah ka nagarana teras cicing minimal samingon lah. Ke uih deui ka Indonesia, bakal ngaraos seueur nu lepat lah. Bakal ngaraos asa barenten. Simkuring terang kumargi tos ngalami, mugi-mugi Allah ngahapunten kalepatan.

    Saleresna mah, nggangge basa Sunda tehh bertujuan ngagali sareng ngingetkeun urang ku perjuangan para pahlawan urang sareng nilai-nilai tatar Sunda nu sae. Mungkin aya oge nu kirang leres tina kacamata Agama, tapi urang kedah pinter-pinter milah sareng milih. Budaya sae atanapi kaarifan lokal tehh bakal ngajadikeun hirup urang tengtrem sareng damai kumargi masyarakat Sunda mah ti baheula oge resep damai, saling ngahormati antar tatangi atanapi pribadina. Saur simkuring mah seueur pisan nu sajalan sareng ajaran agama Islam nu dianut ku simkuring.

Ah...ieu corat-coret tehh..mung salah sahiji cara simkuring ngajungjung basa nu insya Allah bade simkuring lestarikeun nepi ka akhir hayat. Mugi-mugi ieu mangrupakeun ibadah nu ditarima ku Gusti nu maha suci. Hatur nuhun tos muka oge maca ieu blog...Hirup Sunda!!!